Minggu, 22 Juni 2014


WENGI IEU
“ Rika Rafika “

Na Wengi Ieu Bulan Asa Ngempray
Bentang Sapertos Nembongan Sadayana
Bulan Jeung Bentang Kawas Nu Bade
Milu Nyaksian ….. Pasini Urang                               

Na Wengi Ieu Hiliwirna Angin
Asa Kuraos Nembangan Lagu Cinta
Mugia Jangji Nu Urang Duaan
Ulah Rek Udar ….. Dugi Ka Jaga

Bentang Tetep Baranang Ulah Ngurangan
Bulan Cahaya Anjeun Sing Tetep Ngepray
Angin Anjeun Tong Bosen
Ngahariring Tembang Cinta

Na Wengi Ieu Urang Duaan Mekar Harepan

Na Wengi Ieu Bulan Asa Ngempray
Bentang Sapertos Nembongan Sadayana
Bulan Jeung Bentang Kawas Nu Bade
Milu Nyaksian ….. Pasini Urang                               

Na Wengi Ieu Hiliwirna Angin
Asa Kuraos Nembangan Lagu Cinta
Mugia Jangji Nu Urang Duaan
Ulah Rek Udar ….. Dugi Ka Jaga

Bentang Tetep Baranang Ulah Ngurangan
Bulan Cahaya Anjeun Sing Tetep Ngepray
Angin Anjeun Tong Bosen
Ngahariring Tembang Cinta

Na Wengi Ieu Urang Duaan Mekar Harepan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar